Cerita Pondok Firda Aulia
TAYA
nu nyoara, iwal hégak nu karasa beuratna. Kabéh panon nyorot ka Tiwi. Lima gelas citéh dina méja nu tadi nyerebung kénéh gé geus teu katempo haseupna, tapi Tiwi angger ngeluk.
AYA
hawa teu ngeunah di rohangan kulawarga nu mewah klasik. Smart TV, wireless speaker jeung AC dina témbok nu rada ngelok adumanis jeung lampu hias jadul nu naplok di sisi kénca-katuhuna. Sofa krém léter U nyanghareup kana témbok TV dipapaés ku bantal korsi coklat motif batik. Témbok partisi motif kayu jeung pot di juru rohang nambahan suasana pikabetaheun. Tapi taya saurang gé nu katingali diuk merenah. Indungna Tiwi, lanceuk lalakina, Bapa téréna jeung lanceuk lalaki téréna nu élékésékeng.
Jung indungna bari hahaok, “rék ngabetem waé ieu téh, hah?” pokna bangun nu geregeteun.
Tiwi angger ngeluk. Teu lemék sakemék.
Manéhna ujug-ujug nangtung ngadeukeutan Tiwi tuluy ngangkat gado anak awéwé hiji-hijina. Bréh katempo beungeut Tiwi juuh ku cimata. Ngan jelebét wé dampal katuhuna kana pipi Tiwi.
“Mah!” bapa téréna nangtung, tuluy nuyun indungna kana korsi urutna tadi. Gék didiukeun.
“Sabar, Mah…”
“Wirang, Pah. Wirang!”
“Gugurkeun wé atuh!” lanceukna padu engab.
“Dosa! Keur mah eukeur Mamah kapalingan teu bisa ngaping, Mamah embung nambahan deui dosa. Jaba geus lima bulan, geus nyawaan.”
“Teras kedah kumaha atuh?” Bapa téréna angger leuleuy, rét ka Tiwi, “Wi, sok geura nyarios. Upami kieu waé moal aya solusi.”
Lalaunan Tiwi ngangkat sirahna. Neuteup lalaki nu ti saprak ngawin indungna dua taun ka tukang hayang pisan disebut Bapa ku manéhna. Lalaki nu omonganna teu weléh wijaksana tapi boga sorot panon nu pikasieuneun. Sorot panon ucing nu siap ngerekeb beurit hirup-hirup. Lalaki munapék.
“Hhh…” Tiwi ngarahuh.
Teuteupna pindah ka lanceuk téréna. Mahasiswa kampus swasta nu gandang, nu unggal isuk ngolo hayang nganteurkeun ka sakola pédah sajalur.
“Hhh…” Tiwi bangun nu hayang miceun bangbaluh.
Teup ka lanceukna. Lanceuk lalaki hiji-hijina nu geus teu asa-asa lar-sup ka kamarna. Ménta minyak seungit téa mah, nginjeum pulpen lah. Jeung tara keketrok heula, abong ka kamar adina. Lanceuk lalaki nu teu bisa dijadikeun lanceuk.
Tiwi ujug-ujug nangtung, “uwwooork…” lumpat ka kamar mandi bari nutupan biwirna ku dampal katuhu.
“Haram jadah. Geus lima bulan masih keneh u-o!” indungna geus cengkat rék nyusulan, kaburu dihulag ku bapa téréna.
Pratiwi
Sukmawati. Geus di tinggalkeun ku bapa dina umur salapan taun. Budak nu asalna teu weléh gumbira jeung mawa kagumbira téh ti harita jadi cicingeun. Teu kitu kumaha atuh, pikeun manéhna Bapa téh hiji-hijina batur, sobat jeung gunung pananggeuhan. Da apan indungna mah sakitu sibukna. Arang di imah, bubuhan sekertaris pausahan gedé. Mangkat rebun-rebun, balik geus poék. Sakitu saimah gé panggih mah saminggu sakali ari weekend wungkul. Kitu gé mun indungna euweuh acara meeting atawa tugas ka luar kota. Dina ayana di imah gé ketang lolobana pakupis jeung HP atawa nyanghareupan laptop.
Teuing atuh, pagawéanna ni taya saatna. Matak pikeun Tiwi mah, Bapa téh hiji-hijina jalma nu ngeusian kahirupanna. Da boga lanceuk lalaki hiji-hijina teu jauh jeung indungna. Ku teu baretah cicing di imah. Rajeun aya di imah, mawa babaturanna, abreg-abregan. Ngadon ngagandéngan. Ngabala. Mulek haseup roko di Paviliun. Matak Tiwi mah mun geus loba motor di pakarangan, sok buru-buru ka kamar. Ngerem manéh.
Ari nu jadi bapa ukur guru di sakola SD. Guru nu rapékan ka murid-muridna. Loba baturna Tiwi mah. Salian ti geulis jeung pinter téh apan putra guru. Loba nu ngabaladan. Kitu deui ku guru-guru di SD-na, loba nu mikanyaah.
Unggal isuk mangkat bareng kana motor jeung bapa. Da mobil mah nu Mamah. Dibawa ngantor unggal poé ku mamah.
Uggal poé ka sakola mawa mis ting, bekel sangu meunang masak bapa, da harita can aya si bibi. Istirahat ménta jajan ka bapa. Balikna bareng deui sanajan bapa mah bérésna soré da sakola téh dua shift. Sedengkeun Tiwi mah apan kakara kelas tilu, bagéan isuk terus. Jam sapuluh gé geus bérés diajarna. Tapi betah wé Tiwi mah da sok nungguan di perpustakaan, mapayan buku-buku bacaan. Sok nepi ka tibrana kasaréan. Tara ngarungsing hayang balik.
Nepi ka hiji waktu, balik sakola. Dina poéan ulang taun, Tiwi nana gih kue tart da bongan bapa geus jangji.
“Tiwi antosan di dieu nya, Bapa badé meuntas. Moal lami da tos mesen, kantun nyandak.”
Tiwi unggeuk, katangen marahmay.
Bapana meuntas ninggalkeun Tiwi nu nyéngclé dina motor, bubuhan jalan sajalur, teu bisa pu ter balik.
Teu lila bapana ka luar ti toko kuéh bari nanggeuy dus. Bari meuntas rék balik deui téh, dus dijungjungkeun da nempo Tiwi ngadadahan sumringah.
Naha atuh, aya sora klakson tarik pisan. Jegér!
Kuéh ulang taun mancawura ka jalan aspal. Bapana baloboran getih katabrak treuk. Dibawa ka rumah sakit gé geus teu kapuluk nyawana.
Geus
ampir sabulan Tiwi teu ka sakola, padahal saminggu deui ujian. Saragamna geus teu bisa dikancingkeun. Cita-citana hayang neruskeun kuliah teh geus burakrakan. Unggal ngaca teu wasa ngabendung cimata ningali beuteungna nu beuki bureuteu. Geus teu bisa disumputkeun deui.
Mun wali kelas teu nelepon ka indungna mah da moal ieuh apaleun kaayaan Tiwi. Basa pihak sakola home visit gé apan euweuh sasaha di imah salian ti manéhna jeung si Bibi.
“Ku naon angkat téh teu sareng Tiwi atuh, Pa…” Tiwi ngagukguk, maseuhan deui bantalna. “Tiwi teu kiat, Pa. Teu kiat…”
Saenggeus ceurik nepi ka eurih-euriheun, gék Tiwi di sisi ranjang. Ngalamun salila-lila. Koloyong ka hareupeun méja rias. Katémpo tina kaca beungeutna nu sepa, panonna geus carindul, beuteungna bentelu.
Sorolok, muka laci méja rias. Ceg kana cutter. Sereset nurih pigeulang kéncana. Berebey getih seger. Clak… clak… kana karpét. Leng, teu inget di bumi alam.
Sélengseeng
bau alkohol. Nyah beunta. Rét ka sabudeureun. Nginget-nginget naon sababna ngalempréh di dieu.
“Wi…?” sora Dadan, lanceuk téréna.
Tiwi meureumkeun deui panonna. Kahayangna mah ngaleungit tina teuteup Dadan.
“Mamah tos ditelepon. Saurna saénggalna badé ka dieu. Pameng nuju meeting.”
Tiwi teu hayang némbalan.
“Pami si Bibi teu ka kamar mah tos kumaha boa, kaleresan Aa nembé dugi ka bumi. Naha mani ku luluasan?” sora Dadan karasa melangeunana.
“Tos, ulah seueur emutan, Aa bakal tanggel waler,” pokna tandes.
Tiwi beunta, neuteup leleb sapasang panon nu liuh. Panon nu hayang pisan dikojayan, hanjakal geus jadi lanceuk.
“Wi…”
“Teu kudu!”
“Tiwi cangcaya ka Aa?” ceg kana ramo-ramo leungeun kéncana, da leungeun katuhuna mah diinfus.
Lalaunan tatu nu diperbanna diusapan.
“Omat, ulah aya emutan hoyong nelasan pati deui!”
Tiwi ngejat tina teuteupna nu ngageterkeun jajantung. Tapi Dadan kalah beuki pageuh ngaranggeum ramona.
“Ulah pipilueun kana kahirupan batur!”
“Saha batur téh?”
“Rék nanahaon barina, tong so pahlawan!”
“Teras kumaha atuh kahoyong Tiwi?”
Jep jempling.
Panto kamar rawat inap aya nu muka. Geuwat Dadan ngudarkeun ranggeumanna. Tak… tuk… tak… tuk… sora sapatu pantopel ngadeukeutan ranjang.
“Rék nyieun wiwirang naon deui maneh téh?” Indungna ujug-ujug ngagantawang.
“Samaruk mun manéh bunuh diri moal aya masalah deui ka Mamah? Pikeun kulawarga urang? Mikir atuh, kumaha geunjleungna batur mun arapaleun manéh paéh bunuh diri alatan reuneuh.”
Jung Dadan nangtung, méré kor sina keur nu hahaok.
Tiwi nonggongan. Cipanonna ngalémbéréh. Mamah mah ukur mikiran harga dirina. Can pernah seutik ogé mikiran dirina. Tong boro harga diri, nyawa gé geus hayang miceun Tiwi mah.
“Pokona mun teu daék betus saha mangkelukna, balik ti rumah sakit langsung ka Bogor jeung si Bibi. Cicing di villa nepi ka ngajuru. Orok urusan Mamah. Manéh sakola deui ngarah bisa kuliah ka luar negri. Euweuh ti dituna anak aing teu boga ijazah SMA-SMA acan!” Indungna ngajengkat ti rohang rawat inap.
Jep jempling. Taya deui nu nyo ara. Dadan ukur wasa nangtung nyé rangkeun tonggong Tiwi nu oyang. Saenyana, ti saprak ulang taun ka salapan, Tiwi geus euweuh. Nu aya ukur boneka mamah nu ku dudu nurut kana sagala kahayangna.
Kembali ke Sekolah
Ras basa lulus SMP, Tiwi nu geus boga pilihan asup ka SMK kateug da mamah teu satuju, mamah boga pilihan sorangan. SMA favorit.
Ti mimiti asup ka SMA Tiwi mah teu boga batur, da geuning di sakola favorit téh babaturan bet gugundukan, géng itu, géng ieu. Harédon. Kerja kelompok gé di kafé. Lain teu mampuh, tapi teu resep. Komo mun geus ngagul-agul bapana. Nu anak pangusaha anu lah, nu anak pejabat lah. Sedengkeun manéhna? Boga bapa gé ayeuna bapa téré.
Keur mah asup ka SMA téh lain kahayangna, katambah euweuh nu maturan. Tugas kelompok tara kaajakan, tugas individu tara ngerja keun, antukna peunteun akademisna kabucit. Tiwi nu pinter téh nyaan geus ngahiang. Mangkat ka sakola ukur geuleuyeungna, da puguh teu boga sumanget. Sapopoé ukur ngalamun di handapeun jandéla kelas. Babaturanna gé geus parohoeun yén di kelas aya murid nu ngaranna Pratiwi Sukmawati. Aya tapi euweuh, disebut euweuh tapi aya. Aya jeung euweuhna taya bédana.
Naék ka kelas sabelas beuki kaséséréd. Dipanggil ku BP gé sababaraha kali.
“Tiwi téh katingal ku Bapa mah sapertos nu aya masalah,” ceuk guru BP harita.
Mimiti mah teu daék cacarita. Tapi ku leukeun dideukeutan mah lindeuk ogé.
“Bapa mah pupus tos waktosna, sanés lepat Tiwi,” pokna sabada Tiwi ngadongéng.
Leungeunna mupusan cipanon nu ngalémbéréh dina pipi Tiwi.
“Tos, iklaskeun. Tos cekap Tiwi ngahukum diri, mangtaun-taun teu tiasa tibra. Pasti di dituna Bapa ogé bakal sedih ningal Tiwi sapertos kieu. Ti semet ayeuna mah sing janglar.”
Tiwi teu lemek, ukur ngararasakeun haneutna ramo-ramo nu mapayan pipina.
“Pami aya nanaon mah ka dieu wé. Urang sharing.”
Tiwi ukur unggeuk.
Ti saprak harita Tiwi boga batur cacarita. Kaasup nyaritakeun kumaha kuciwana basa Mamah kawin deui. Teu resep pangpangna ka bapa téréna nu sok cunihin ka manéhna.
“Tiwi kedah ngama’lum. Mamah téh wanoja dewasa anu gaduh kabutuhan biologis. Sanés hartosna tos mopohokeun ka bapa hidep,” pokna harita.
“Engké gé Tiwi bakal ngartos. Ayeuna mah ulah seueur emutan, sakola wé sing sumanget, nya.”
Tiwi unggeuk. Teuing ku tenang jeung matak tiis unggal-unggal omonganna karasana ku Tiwi. Komo mun bari ngusapan pipi, asa boga deui bapa.
Ka luar ti ruang BP téh langit geus ceudeum. Kelas geus bubar ti tatadi. Tiwi ngagandong tasna muru gerbang.
Reg sédan hideung eureun di gerbang. Tiid… Ngelaksonan.
Kaca hareup morosod, lol sirah guru BP.
“Sapertosna mah hujanna bakal pilamieun, ngantosan saha?”
“Grab,” témbal Tiwi bari nyisi.
“Cansel wé, hayu dijajap sakantenan.”
“Eu…”
“Hayu!”
Ahirna kabandang.
Hujan beuki ngagebrét. Patalimarga metet da ari usum hujan mah grab car apan loba nu ngorder.
“Pilamieun ieu mah macétna. Sindang heula ka kontrakan Bapa sakedap, nya?”
Tiwi ukur unggeuk. Balik ka imah gé tara aya sasaha. Dina teu balikna gé tara aya nu néangan ieuh.
Guru BP muihkeun setir, méngkol ka kénca. Ka luar ti jalan provinsi. Bus ka jalan leutik. Teu lila reg di hareupeun imah leutik tapi raresik.
“Badé ngantosan waé di dieu?” pokna bari ngasongkeun imut.
Tiwi turun nuturkeun guru BP asup ka imahna.
Di luar hujan beuki ngagebrét, kingkilaban ting barasat.
“Leuh baseuh geuning seragamna,” teuteup guru BP kana pinareup Tiwi nu ngelemeng, “Badé gentos ku kaos Bapa?”
Tiwi teu nembal.
Guru BP ngaléos, teu lila balik deui mawa anduk leutik jeung kaos. Lalaunan buuk Tiwi dielapan. Kancing bajuna dibukaan.
Ti semet harita insomiana cageur. Nu unggal peuting sok gegebegan, ngarasa maotna bapa alatan dirina geus teu kapikiran deui.
Budak rumaja nu geus lila sono ka bapana asa manggih deui bapa nu merhatikeun, nu mikanyaah, nu sok ngalalahun, nu mépéndé nepi ka tibra.







